Siamang
| Siamang | |
|---|---|
| Status konservasi | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Filum: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | Symphalangus Gloger, 1841 |
| Spésiés: | S. syndactylus |
| Ngaran binomial | |
| Symphalangus syndactylus (Raffles, 1821) | |
Siamang; hylobates syndactylus nyaéta kera hideung anu lengeunna panjang, sarta hirup dina tatangkalan.[1] Ilaharna, siamang pohara gesit mangsa luluncatan di luhur tangkal, ku kituna euweuh prédator anu bisa néwak maranéhanana.[1] Siamang mangrupa spesiés kaancam, alatan deforestasi habitatna gancang ngurangan.[1] Siamang henteu miboga buntut sarta mibanda postur awak anu kurang ajeg.[1] Siamang ogé mibanda perkembangan otak anu luhur.[1] Siamang boga warna hideung rada coklat semu beureum.[1] Kera ieu mibanda anyaman antara ramo kadua sarta katilu.[1][2]
ciri has kera ieu miboga beungeut kawas lélépén sarta boga warna bodas.[3] Awakna ditutupan buuk leubeut, iwal dibagian beungeut, telapak leungeun, suku sarta kélék.[3] siamang miboga kelir hideung legam berlengan panjang sarta hirup dina tatangkalan. Maranéhanana hirup dina jumplukan leutik, panglobana tiluan] sarta henteu mibanda tempat saré husus kawas kera séjénna.[3]
siamang kaasup jenis sato anu sieun kana cai kawas ucing.[3] sorana pohara tarik pisan sarta bisa kadéngé nepi ka jarak 6,5 méter.[3] kera jenis ieu pohara tangkas dina hal ngagalantung ti tangkal ka tangkal.[3] ieu sebabna manéhna miboga anyaman antara ramo kadua sarta katiluna.[3]
sanajan mibanda lima ramo, sabot gulawing di tangkal , manéhna ngan ngagunakeun opat ramo leungeunna.[3] Manéhna ogé mibanda tingkat kacerdasan luhur dibandingkeun jenis sato séjénna.[3] Maranéhanana nyapih anakna nepi ka umurna sataun. Kera jenis ieu kaasup sato omnivora anu ngadahar tutuwuhan atawa serangga.[3]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 6 7 (id) Archived 2025-01-26 di Wayback Machine(diakses kaping 18 november 2011)
- ↑ Supriatna, Jatna (2008). Melestarikan alam Indonesia. Jakarta: Yayasan Obor Indonesia. hlm. 20. ISBN 9789794616963. Diaksés tanggal (disungsi – 7 Peb 2021).
- 1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 (id) Archived 2011-11-17 di Wayback Machine(diakses kaping 18 november 2011)