"Untuk para ibu dan leluhur kami di tanah Sunda"
Gusti nu agung, abdi rek ceurik wae lah pokona mah. Before, Now & Then (Nana) meuni saé pisan 🥲🥲🥲
Abdi salaku urang Sunda, ngarasa reueus, bagja, jeung terharu saenggeus lalajo ieu film.
Dialog-dialog dina film ieu karaos pisan alami, sareng henteu dipaksakeun, kesanna sapertos urang Sunda ngobrol unggal dinten.
Visualna éndah, scoringna ngahipnotis ceuli, akting sadaya pamaén kualitasna saé pisan utamana Happy Salma sareng Laura Basuki, sareng tangtosna pilem ieu ngagaduhan seueur makna.
Abdi henteu hoyong ngabahas teuing, sabab seueur réréncangan anu parantos ngulas pilem ieu, ulasan-ulasana sararaé pisan.
Hatur nuhun Kamila Andini parantos ngadamel film ieu 🥰💞💘💝🥰